Selamat datang siswa/i SMK Negeri 1 Setu
Wilujeng Sumping

Rabu, 02 September 2020

Paribasa Tarjamahan (Kemis, 3 September 2020)



Wilujeng énjing Barudak Sadayana!
Mugia dinten ieu dipasihan kalancaran, kabagjaan, sareng kaséhatan...Aamiin

Wilujeng patepang deui sareng Ibu Sa'idah Fitri dina pangajaran Basa Sunda. 

Sateuacan diajar, hayu urang ngadu'a sasarengan. Réngsé ngadua'a, pék ku hidep eusian absen dina link dihandap!


Dina dinten ieu, Kemis 3 September 2020 Ibu badé ngalajengkeun materi ngeunaan paribasa tarjamahan. 

Ku mekarna elmu pangaweruh jeung tehnologi, paribasa nu kiwari dipake ku urang Sunda teh aya nu jieunan dina basa Sunda, tapi aya oge nu meunang narjamahkeun tina basa deungeun, upamana wae tina basa Inggris, Arab, Walanda, Indonesia, Jawa, Portugis, jeung bisa jadi aya deui tina basa sejenna.

Sangkan leuwih eces, titenan sawatara paribasa tarjamahan tina basa deungeun di handap ieu !

Paribasa tina basa Indonesia

conto:

Aya hurang handapeun batu (ada udang di balik batu)

Kawas cai dina daun taleus (seperti air di daun talas)

Paribasa tina basa Arab

conto:

Nu sabar kakasih Gusti (innalloha maasyobirin)

Nyaah ka lemah cai sabagean tina iman (hubbul wathon minal iman)

Kabersihan sabagean tina iman (anna dhofatu minal iman)


Paribasa tina basa Inggris

conto:

Waktu sarua jeung duit (time is money)

Lamun aya kahayang, tangtu aya jalan (where there is a will, there is a way)


Paribasa tina basa Jawa

conto:

Adam lali tapel (poho ka wiwitan atawa asal usul)

Adu telu ampar tiga (nu boga perkara/ jual beuli diriungkeun)


Pancen Mandiri


Link pikeun ngumpulkeun tugas (pancen mandiri) :

Dokumentasi Pancen Mandiri


Hatur nuhun 
Wassalamu'alaikum wr.wb.


0 komentar:

Posting Komentar