Selamat datang siswa/i SMK Negeri 1 Setu
Wilujeng Sumping

Minggu, 02 Agustus 2020

Narjamahkeun

Assalamu'alaikum. wr.wb. 

Sateuacan ngamimitian kagiatan diajar dina dinten ayeuna, pék ku hidep eusian link absen di handap ieu!

Klik  ABSEN PJJ BASA SUNDA

Pangajaran 1. NARJAMAHKEUN

Ieu dihandap aya téks tarjamahan dina basa Indonésia jeung hasil tarjamahanana dina basa Sunda. Pék ku hidep baca sing gemet tur lenyepan naon bédana!



Medar Tarjamahan

Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa
Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina.

Prinsip Tarjamahan

Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis" jeung "satia". Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.

Kaedah-kaedah narjamahkeun prosa:
1.Mahaman eusi teks anu ditarjamahkeun (dima’naan)
2.Merhatikeun galur carita
3.Kudu luyu jeung eusi/amanat nu nulisna atawa paham kana maksud pangarang


Kaedah-kaedah anu ngabedakeun dina narjamahkeun wangun prosa jeung sajak:
1.Narjamahkeun prosa mah itungannna kalimah per kalimah sedengkeun dina sajak mah  kecap per kecap (leuwih bangga)
2.Dina narjamahkeun sajak henteu cukup modal kamampuh ngagunakeun basa aslina tapi kudu weuruh kana basa sarta budaya hasil tarjamahnna
3.Anu narjamahkeun sajak mah kudu mibanda pangalaman kapenyairan, pangalaman ngaracik kekecapan, pangalaman ngagunakeun metaphor, pangalaman ulin jeung imaji, jeung pangalaman ngagunakeun diksi.

Serat materi di luhur dina buku tulis !
Hatur Nuhun
Wassalamu'alaikum wr.wb.

0 komentar:

Posting Komentar