Selamat datang siswa/i SMK Negeri 1 Setu
Wilujeng Sumping

Senin, 10 Agustus 2020

Materi Basa Sunda (Kemis,13 Agustus 2020)

 

Wilujeng énjing Barudak Sadayana!
Mugia dinten ieu dipasihan kalancaran, kabagjaan, sareng kaséhatan...Aamiin

Wilujeng patepang deui sareng Ibu Sa'idah Fitri dina pangajaran Basa Sunda. 

Sateuacan diajar, hayu urang ngadu'a sasarengan. Réngsé ngadua'a, pék ku hidep eusian absen dina link dihandap!


Dina dinten ieu, Kemis 13 Agustus 2020 Ibu badé ngalajengkeun materi ngeunaan maca téks tarjamahan. 

Pék ku hidep baca sing gemet téks tarjamahan sajak di handap ieu!

Hareupeun Gedung Merdéka

Karangan Apip Mustopa

Aya nu jajaluk nundutan
gigireun tétécéan
panto Gedung Merdeka
padahal tutumpakan
Tingbaliur taya reureuhna
henteu puguh dédéngéan

Tihang-tihang bandéra nu kosong
bangun narangkeup harigu
tingharuleng tur tibelat
leungiteun sumanget Bandung

Basa aya sora ngagerit tarik
erém mobil disakalikeun
nu jajaluk ngulisik kahudangkeun
cengkat tuluy ngarampaan
dudukuy namprak nu masih kosong

luk tungkul deui nundutan
bisa jadi nuluykeun impian
sumanget Bandung 

Bandung, Juli 83

Pancen Mandiri :
Pék ku hidep baca sajak di luhur, saterasna rekam sorana dina hp. Upami tos rengse, kirimkeun kana link di handap ieu. 

Klik. Dokumentasi "maca teks tarjamahan sajak"

*file nu diupload dina bentuk "video" atawa "audio" (ukuran file maksimal 10 MB)

Hatur nuhun




2 komentar: